B. Daerah

Pertanyaan

numutken pamanggih hidep naha aya keneh karya sastra sunda anu di susun dina wangun puisi, salian ti sajak,pupujian, jeung guguritan ?

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sajak
    Kelas : VII (1 SMP)
    Pembahasan :

    Karya sastra Sunda anu di susun dina wangun puisi, salian ti sajak, pupujian, jeung guguritan nyaeta sisindiran, mantra, wawacan jeung carita pantun. Ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti sajak, pupujian, guguritan, mantra jeung sisindiran.

    Dina puisi Sunda nu aya, aya puisi anu kauger atawa kaiket ku aturan aya oge puisi anu henteu kaiket ku aturan. Conto puisi anu kaiket ku aturan nyaeta saperti wawacan, guguritan jeung sisindiran. Wawacan jeung guguritan kaiket ku aturan pupuh. Sedengkeun sisindiran kaiket ku aturan sisindiran. Dina pupuh aya 17 rupa pupuh. Sedengkeun dina sisindiran aya tilu rupa sisindiran, nyaeta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Conto puisi Sunda anu henteu kaiket ku aturan nyaeta saperti sajak, mantra, jeung pupujian.

    Sanajan aya puisi Sunda anu henteu kaiket ku aturan, dina rumpaka puisi aya sawatara unsur anu bisa digunakeun pikeun nganalisa atawa nilik eusi rumpaka hiji puisi, boh puisi nu kaiket ku aturan boh puisi anu henteu kaiket ku aturan, boh puisi anu eusina mangrupa carita boh puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Unsur-unsur anu dimaksud nyaeta unsur tema, nada jeung suasana, rasa jeung amanat.

Pertanyaan Lainnya