B. Daerah

Pertanyaan

iklan layanan masarakat teh nyaeta alat komunikasi pikeun

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Wawaran Jeung Iklan Layanan Masarakat
    Kelas : VII (2 SMP)
    Pembahasan :

    Iklan layanan masarakat teh nyaeta alat komunikasi pikeun ngajak masarakat ngalakukeun pagawean atawa tindakan anu tujuanna pikeun kapentingan masarakat umum atawa individu. Kusabab kitu, kalimah nu aya dina iklan layanan masarakat mangrupa kalimah pangajak.

    Kalimah nu aya dina iklan layanan masarakat beda jeung kalimah nu aya dina wawaran. Kalimah nu aya dina wawaran, salian ti mangrupa kalimah pangajak, aya oge wawaran nu eusina kalimah panyaram atawa kalimah panitah.

    Kitu oge dina nempatkeunnana, umpama wawaran mah biasana ditempatkeun di tempat umum nu aya patalina jeung eusi wawaran, iklan layanan masarakat mah bisa ditempatkeuan di tempat umum di mana wae, sanajan teu aya patalina jeung eusi eta wawaran, nu penting ditempatkeun di tempat umum nu negrak, nyaeta tempat nu gampil katempo ti mana-mana.

Pertanyaan Lainnya