B. Daerah

Pertanyaan

arti dari sajak seuneu bandung

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sajak
    Kelas : XI (2 SMA)
    Pembahasan :

    Dalam mengartikan sebuah sajak, seperti sajak Sunda, bisa ada dua pengertian, yang pertama adalah mengartikan sajak Sunda tersebut ke dalam bahasa Indonesia (menterjemahkan), sedangkan yang kedua adalah membuat parafrase sajak tersebut menjadi bentuk prosa.

    Di bawah ini adalah arti sajak Seuneu Bandung dalam bahasa Indonesia dan parafrase sajak Seuneu Bandung ke dalam bentuk prosa atau cerita :

    1. Arti sajak "Seneu Bandung" dalam bahasa Indonesia

    Saha nu bisa mareuman seuneu Bandung / Siapa yang bisa memadamkan api Bandung
    Geni sakti nu nyebrot ti dapur Cikapundung / Api sakti yang menyembur dari dapur Cikapundung
    Najan laut Kidul / Meskipun laut kidul
    Ngolétrak dipaké nyiram / Kosong dipakai menyiram

    Seuneu Bandung / Api Bandung
    Dayang Sumbi gupay pucukna / Dayang Sumbi melambai pucuknya
    Tangkuban Parahu jadi suluhna / Tangkuban Parahu jadi kayu bakarnya
    Sut urang sundut / Ayo kita sulut
    Nyeungeut obor kamerdékaan / Membakar obor kemerdekaan
    Bray caang lampu néon jutaan watt / Terang benderang lampu neon jutaan watt

    Langit ngempray; langit harepan / Langit terang benderang; langit harapan
    Seuneu teuneung geni kawani / Api berani api keberanian
    Ngaléntab sagara keusik / Melalap lautan pasir
    Ngahuru, ngabela-bela / Membakar, berkobar
    Ngaduruk leuweung-ganggong langit-ganggong / Membakar hutan-belantara langit-belantara
    Asia-Afrika bébas merdéka! / Asia Afrika bebas merdeka

    Seuneu nyebrot ti dapur Cikapundung / Api menyembur dari dapur Cikapundung
    Geni sakti, cahya ilahi / Api sakti, cahaya ilahi
    Hamo bisa dipareuman / Tidak akan bsa dipadamkan

    2. Parafrase sajak "Seneu Bandung" ke dalam bentuk prosa

    Kana seuneu Bandung mah moal aya nu bisa mareuman, seuneu Bandung teh seneu sakti nu nyebrot ti dapur Cikapundung. Eta seuneu teh maksudna ngagambarkeun sumangeut konferensi Asia Afrika nu diayakeun di Gedung Merdeka, nu tempatna teh deukeut ti walungan Cikapundung. Eta seuneu sakti teh moal nepi ka bisa pareum, sanajan laut Kidul nepi ka koletrak dikosongkeun pikeun nyiram eta seuneu.

    Hayu urang sundut seuneu Bandung pikeun nyeungeut sumanget obor kamerdekaan. Seuneu Bandung nu pucukna digupayan ku Dayang Sumbi sarta Tangkuban Parahu anu jadi suluhna, anu caangna kawas lampu neon jutaan watt.

    Langit nu ngempray, mangrupakeun langit harepan, nu caang ku seuneu nu pinuh ku kawani. Seuneu Bandung teh ngalentab sagara keusik, nu ngahuru kamana-kamana, ngaduruk leuweung jeung langit, nu ngobarkeun sumanget kamerdekaan Asia-Afrika.

    Seuneu Bandung nu nyebrot ti dapur Cikapundung teh mangrupa seuneu sakti, nyaeta cahaya atawa rahmat ilahi nu moal bisa dipareuman, seuneu Bandung teh jadi pangrojong pikeun kamerdekaan sarta kamajuan Asia Afrika.

Pertanyaan Lainnya