B. Daerah

Pertanyaan

definisi sisindiran bahasa sunda

1 Jawaban

  • Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, hartina omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun atawa dibélokkeun, henteu togmol atawa sajéntréna. Sisindiran  mangrupakeun salah sahiji sastra Sunda buhun anu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun.

    Conto sisindiran:


    Aya roda na tanjakan
    Katinggang ku pangpung jéngkol
    Aya ronda gogoakan
    Katinggang ku hulu kohkol

     

    Aya listrik di masigit
    Caangna kamana-mana
    Aya istri jangkung alit
    Cangkengna kamana-mana

     

    Cukleuk leuweung cukleuk lamping

    Jauh ka sintung kalapa

    Lieuk deungeun lieuk lain

    Jauh ka indung ka bapa

     

    Lamun ulin ka talaga

    Balikna sok barang bawa

    Lamun urang hayang surga

    Jalana nyaeta takwa

     

    Ka warung meuli katuncar

    Sakalian meuli jahé

    Mun budak kedul diajar

    Hanjakalna ke geus gedé

     

    Sisindiran sapertina mangrupakeun budaya Sunda anu dipangaruhan tina tradisi pantun urang Malayu.

     

    Sisindiran ogé kabeungkeut ku rupa-rupa aturan atawa syarat anu teu bisa dirobah nurutkeun kahayang sorangan. Aturan éta di antarana:

    1. Unggal pada kudu aya opat padalisan 
    2. Unggal padalisan kudu aya dalapan engang
    3. Sajakna A - B - A - B
    4. Padalisan kahiji sareng kadua disebut cangkang, padalisan katilu sareng kaopat disebut eusi.

    Nurutkeun eusina sisindiran aya tilu rupa
    1. Naséhat/papatah/piwurug/pépéling
    2. Silih asih
    3. Heureuy/pikaseurieun

    Nurutkeun wangun atawa golonganana, sisindiran aya tilu rupa:
    1. Paparikan 
    2. Rarakitan
    3. Wawangsalan

Pertanyaan Lainnya